Langsung ke konten utama

Carita Pondok


HUJAN
  Cai hujan turun maseuhan bumi, ngalir ka tempat anu rek dituju. Bidadari turun ti khayangan nga alus-alus alam endah jeung permai. Kembang sareuri bungah ningalikeun kaayaan hate.  Manuk ngiuhan duduaan dina tangkal anu rimbun. 
 Dijuru kamar, ditukangeun jandela, simkuring nangtung ninggalikeun ka luar imah. Ninggalikeun keclak cai hujan anu ngingetkeun simkuring ka anjeunna. Ngingetkeun kenangan manis perkawis anjeunna. Kenangan anu mangrupa memori endah anu moal karurud ku gugusan batu atawa kabawa palid cai hujan. Keclak cai hujan ngajadikeun simkuring ngaraos caket jeung anjeuna. Anjeuna nu ngancik dina jero ati, anjeuna nu ngawasaan ieu emutan. Anjeuna nu tetep tumetep di jeroning ati sok sanaos saleresna anjeuna ninggalkeun simkuring. Anjeuna cinta anu manggaran pikeun simkuring, hiji lalaki nu tiasa ngaluluhkeun ieu ati nu salami ieu nangtung teu owahgingsir. 
  Masih keneh kagambar awal urang duaan panggih. Nalika harita hujan turun sakitu ngecrekna diiring ku kilat ngageleger siga rek ngancurkeun saeusi dunya. Simkuring nangtung nyorangan di halte nungguan beus anu siap nganterkeun kuring mulang. Sakitu lilana kuring nangtung nungguan, ngan nungguan, terus bae nungguan tapi nihil hujan teu raat raat beus oge euweuh nu datang. Kanyataana beda, nu datang ka simkuring lain beus anu ditutungguan. Hiji lalaki datang nyampeurkeun tuluy nangtung didinya. 
  Sakeudeung kuring ngahuleng tapi kajemplingan eta teh ancur pas aya sora rada tarik nanya ka simkuring "nuju ngantosan beus? Bade uih? Meni teu raat wae nya hujanna." Simkuring ngan ngalirik bari unggeuk. "Bade dijajap?" Simkuring baris jempe wae teu nyarios sakecap-kecap acan. "Sieun ku abdi? Tepangkeun nami abdi Awan, kelas sosial." Singhoreng anjeunna sasakola jeung simkuring. Kaayaan anu minitina tiiseun laun-laun jadi haneuteun. Tidinya simkuring jeung manehna mimiti ngobrol jeung tungtungna mah simkuring narima ajakan Awan nganterkeun simkuring balik. Teu apal kunaon kuring ngarasa siga nu geus lila wawuh jeung manehna. Cai hujan jadi pangiring lengkah urang duaan. Ieu carita teh nuluy nepi poe salajengna. Eta lalaki mampu ngabombardir hate anu tegak jeung kokoh jadi luluh. Simkuring ngarasa nyaman aya dideukeuy anjeunna. Ti lalaki eta kuring apal makna hiji kecap anu mimitina dianggap konyol ku aimkuring nyaeta cinta. 
  Dina waktu simkuring geus ngarti naon anu disebut cinta jeung dina waktu cinta bener-bener geus dirasa, lalaki eta teh indit ninggalkeun simkuring, ninggalkeun binih cinta anu geus jadi dina hate. Sanggeus lulus sakola manehna rek tuluy indit ka luar negeri. Harita simkuring keur cicing di hiji taman. Kur kajemplingan anu aya di antara urang duaan. Anjeuna ngamimitian nyarita, simkuring geus nyieun ancang-ancang siap narimakeun naon wae anu rek diungkap ku anjeuna. "Pelangi, ti mimiti ayeuna abdi bakal ninggalkeun anjeun kumargi abdi nampi beasiswa di luar negeri." Simkuring ngan ngahuleng teu nyarios nanaon. Keclak herang tina panon simkuringrag-rag teu di aba-aba, teu mampu nyarita sakecap-kecap acan. Anjeuna diuk hareupeun simkuring ngisap cai panon jeung nyekel leungeun simkuring. 
  "Hapunten lain maksud rek nyeungceurikan anjeun, ieu pasti beurat keur anjeun. Aya hiji kahoyong abdi anu kudu ditedunan lamun enya anjeun nyaah. Anjeun kudu tetep jadi pelangi anu ngawarnaan langit. Hiji waktu awan poek geus ngaragragkeun cai hujan ka pusara bumi., anjeun kudu aya dilangit, sangkan langit endah katenjona. Hiji waktu anjeun ngarasa rindu, tinggali ka langit diditu teh aya awan, anggap anjeun deukeut jeung simkuring. Anggap lobana awan anu aya dilangit sarua jeung lobana cinta simkuring. Hiji waktu simkuring oge bakal sono, teu jauh beda siga anjeun, kuring oge bakal nenjo ka langit neangan pelangi anu bijil sanggeus raatna hujan."
  Dina tukangeun jandela simkuring masih keneh cicing ninggalikeun hujan anu jadi sabab mimiti simkuring panggih jeung manehna jeung ieu hujan oge anu bakal manggihkeun deui awan jeung pelangi. 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

22 Mar 2025

Sastra adalah jalan menuju kedalaman pikir yang sangat humanis. Sastra adalah jalan menuju imaji yang berkelana, menyusuri ruang-ruang pikir yang liar, mengikis ceruk-ceruk kepala yang keras akan ego dan pikiran yang tertinggal. Sastra adalah rupa kehidupan yang tidak terbayang di sebegaian benak, membuka mata dan hati untuk maklum dan empati. Jika ada pihak yang membenci karya tulis terlepas yang ada didalamnya, maka sisi humanitasnya dipertanyakan. Siapa yang takut pada buku yang tidak bernyawa? Mengapa? Karena sejatinya sebuah karya dibuat oleh hati yang terbuka dan kepala yang berpikir. Maka bukan ia takut pada buku, melainkan takut pada buah pikir. Buah pikir yang mampu melahirkan kesadaran, kecerdasan, pemahaman, kebijaksanaan. Buah pikir yang mampu melahirkan perlawanan terhadap angkara murka yang sengaja memelihara kebodohan dan IMPUNITAS . Pahitnya, borok-borok itu justru terdapat pada pemimpin negara republik yang dibangun oleh keringat, darah, dan air mata---bahkan nyawa. Di...
Bap, I lost again. Aku tidak bisa menemukan yang seperti kamu di dunia yang berhampar-hampar ini. Yang ada mereka lebih dari kamu, Bap— dan aku tidak bisa. Aku tidak bisa menyamakan pucuk pada pohon yang kami tanam. Aku takut, jika terus saja begini, rantingnya akan patah dan aku jatuh, lagi dan lagi. Ahh Bap… how’s heaven? Boleh aku ikut saja kesana di pangkuan Bap? Kami tidak membawa bunga Bap kemarin, kami membawa hati yang penuh seperti yang sudah-sudah. Aku merasa Bap sudah menunggu ya dari sana? Selamanya Bap akan hidup dalam hati kami, dalam do’a kami, dalam tulisan ini.  Salam cinta untuk Bap, we miss you a lot🤍