HUJAN Cai hujan turun maseuhan bumi, ngalir ka tempat anu rek dituju. Bidadari turun ti khayangan nga alus-alus alam endah jeung permai. Kembang sareuri bungah ningalikeun kaayaan hate. Manuk ngiuhan duduaan dina tangkal anu rimbun. Dijuru kamar, ditukangeun jandela, simkuring nangtung ninggalikeun ka luar imah. Ninggalikeun keclak cai hujan anu ngingetkeun simkuring ka anjeunna. Ngingetkeun kenangan manis perkawis anjeunna. Kenangan anu mangrupa memori endah anu moal karurud ku gugusan batu atawa kabawa palid cai hujan. Keclak cai hujan ngajadikeun simkuring ngaraos caket jeung anjeuna. Anjeuna nu ngancik dina jero ati, anjeuna nu ngawasaan ieu emutan. Anjeuna nu tetep tumetep di jeroning ati sok sanaos saleresna anjeuna ninggalkeun simkuring. Anjeuna cinta anu manggaran pikeun simkuring, hiji lalaki nu tiasa ngaluluhkeun ieu ati nu salami ieu nangtung teu owahgingsir. Masih keneh kagambar awal urang duaan panggih. Nalika harita hujan turun...
Memoar puan menawan sejagad pikiran sudah terbit kembali